Sabtu, 03 Oktober 2015

Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet

Yahhh ... begitulah ceritanya! Sakadang kuya jeung sakadang monyet ...
"Ya, hayu ulin?"
"Ulin naon?"
"Balap lumpat yuk?"
Si kuya teh mikir, ieu si monyet niat teu sih ngajakan ulin? Naha beut ulinna ngajak balap lumpat? Pan kuring teh kuya, lumpat geh moal siga gedena lengkah si monyet! Kumaha ieu teh carana nyah ngelehkeun si monyet?
Tringg!! Hehehe ... ah kuring aya ide!!
"Hayu?"
"Pede maneh daek balap lumpat jeung kuring? Mun eleh kudu nurut dititah kumaha oge ku nu meunang nyah!!"
"Siap, Nyet!!"
"Aba-aba ... siapppp! Tenggg!!" Ceuk si monyet jadi wasit jeung peserta lomba.
Si monyet lumpat bari igal igeul ngahinakeun si kuya nu lumpatna sa jengkal geh heunteu. Geus yakin tangtu moal eleh ku si kuya. Sorak pang gedena bari ngalelewe.
"Nyerah weh nya kuya? Teu tega kuring nempo maneh eleh! Da kuring mah bageur ka maneh!"
Si kuya teh seuri bari nunjuk ka sisi kiri si monyet, "Nyet! Tuh tangkal cau eta geus buahan cau asak!"
Curileung weh eta mata si monyet neang kanu dipikahayang. Beuh, bener eta cau meuni koneng kacida ngenah pisan jigana mun di dahar! Si monyet poho lamun keur balap lumpat, geurrr weh naik ka tangkal cau.
Si kuya lumpat geura-geura sampe ka finish. Si monyet kalahkah hokcay weh dibobodo ku si kuya.
Teu pira elehna mah, hanjakalna sagede gunung.
Amanah yang bisa dipetik dari cerita dongeng tempo dulu ini adalah, jangan sekali-kali meremehkan orang lain hanya karena kelihatannya orang itu tidak jauh lebih baik dari kita. Yang terlihat seperti bodoh padahal cerdik. Jadi ingat waktu kecil saat baca buku dongeng, baru bisa baca gayanya yang dibaca dongeng ini. Bukunya pun tipis tidak berwarna. Kertas buku saja seperti novel. Gambarpun seperti sketsa saja.

2 komentar:

YWidya mengatakan...

mbaa..boleh tau dimana belinya buku fabel sakadang kuya jeung sakadang monyet?

Unknown mengatakan...

Buku lama itupun sudah tak lagi saya temukan. Entah Ada atau tidak di gramedia.